WILUJEUNG SUMPING

Assalamualikum Wr.Wb. Wilujeung sumping ka abdi nyalira, dina ieu Blog anu abdi nyalira. Kunaon bet nyebatkeun nyalira wae heunteu batur, nya saha deui atuh anu bakal maca blog ieu pertama kali anging abdi nyalira salaku anu gaduh blog, da batur mah teu acan aya nu apaleun.

Ieu blog NASGOR, kapayuna bakal rame, kapayuna bakal ngagegerkeun dunia maya. Bakal seueur we Followerna. Abdi ge anu janten pembuat ieu blog, bakal sibuk kaditu-kadieu ngisi acara nu ngabahas kumaha sangkan bisa nyieun blog tur bisa dinikmati ku masyarakat.

Tapi saleresna, ieu blog ditujukan sangkan jadi blog anu mensejahterakan rakyat. naha bet bisa kitu? jadi urang boga pemikiran kieu, "Yen Negara urang Indonesia teh, ayeuna keur gering, keur koma, keur anpal keur sajabana we lah. padahal pan urang apal, Indonesia teh negara nu kudu namah jadi negara gede, nagara nu bisa mingpin dunia. Tah mun ceuk abdi mah salah sawios penyebabna indonesia terpuruk siga kieu teh nya eta ku sabab leungit na jiwa Gotong royong diantara wargana. Gotong royong didieu lain ngan sauukur digawe babarengan, tapi kumaha sangka urang boga jiwa jeung hate anu gotong-royong, hate anu babarengan dina sagala hal, hate anu sa visi jeung Misi. Nah kulantara semangat ieu geus leungit dina jiwa urang Indonesia matakna urang Indonesia ayeuna, jadi gampang ambek, resep nyalahkeun batur, hayang jalan-jalan nu instan, individualistis jeung sajabana.

Nah ninggali ku kaayaan kitu, sim kuring sebagai salah sawios pemuda Indonesia. Prihatin pisan ninggali ieu bangsa urang. Matakna simkuring ngajak ka balarea sadayana, supados tiasa bersatu, mencurahkan ide keur ngawangun Indonesia kapayuna. Kapayuna ieu blog bakal ngamuat ide atau konsep Ke Gotong Royong nu ditujukeun kanggo urang sadayana, Boh praktisi politik, Boh Budayawan, Boh ilmuan,masyarakat biasa, ulama jeung sajabana. Anu tujuan na nyaeta supados aya parobihan kanggo bangsa urang kapayuna. Keun we mun perobihan na sakedik ge, kan saur pribahasa ge "sakedik-sakedik lami-lami jadi Bukit".

Sakitu wae dina kasempatan ieu, nu ku simkuring tiasa didugikeun. Hatur nuhun kana sadaya perhatosan nana. Assalamualaikum Wr.Wb.



Nu gaduh Blog

Komentar

Postingan Populer